Ceuk Bapa
Padahal baheula ngabayangkeun hirup teh bakal ngeunah. Ti leuleutik diajar ngaji, nepi ka gede oge tuluy ngaji. Nepi ka ayeuna oge sanajan maksiat jalan tapi ngaji ge sarua jalan. Anggeus diajar ngaji tuluy diajar di sakola. Teu cukup di sakola hungkul, nepi ka imah oge tuluy diajar ku kolot. Diajarkeun hirup teh sing cageur-bageur-pinter. Ngarah jadi “jalma”. Pan ceuk Bapa. Nepi ka ayeuna masih muter na sirah peupeujeuhna. Mun hayang jadi “jalma” nu boga peurah kudu peurih. Meurih ngarah meurah. Tuluy kudu panyang lengkah—da lalaki (cenah) maneh mah. Ulah cicing di imah wae jiga elap baseuh, ngalumuk. Tah tuluykeun geus boga elmu, geus loba pangalaman, kudu jadi ajir. Ari ajir, teu pipilih. Rek pepelakan nanaon oge bisa muntang kana ajir. Rek kongkoak, rek jukut, rek naon wae. Hoerunas anpaunnas, cenah ceuk Nabi ge? Ayeuna abi hirup kieu keneh teh meureun kurang meurihna. Can bener, can loba. Kudu loba keneh diajar, kudu loba keneh tatanya, utamana mah kudu loba keneh diajar...