Ceuk Bapa

Padahal baheula ngabayangkeun hirup teh bakal ngeunah. Ti leuleutik diajar ngaji, nepi ka gede oge tuluy ngaji. Nepi ka ayeuna oge sanajan maksiat jalan tapi ngaji ge sarua jalan. Anggeus diajar ngaji tuluy diajar di sakola. Teu cukup di sakola hungkul, nepi ka imah oge tuluy diajar ku kolot. Diajarkeun hirup teh sing cageur-bageur-pinter. Ngarah jadi “jalma”.

Pan ceuk Bapa. Nepi ka ayeuna masih muter na sirah peupeujeuhna. Mun hayang jadi “jalma” nu boga peurah kudu peurih. Meurih ngarah meurah. Tuluy kudu panyang lengkah—da lalaki (cenah) maneh mah. Ulah cicing di imah wae jiga elap baseuh, ngalumuk. Tah tuluykeun geus boga elmu, geus loba pangalaman, kudu jadi ajir. Ari ajir, teu pipilih. Rek pepelakan nanaon oge bisa muntang kana ajir. Rek kongkoak, rek jukut, rek naon wae. Hoerunas anpaunnas, cenah ceuk Nabi ge?

Ayeuna abi hirup kieu keneh teh meureun kurang meurihna. Can bener, can loba. Kudu loba keneh diajar, kudu loba keneh tatanya, utamana mah kudu loba keneh diajar sabar ka lapar. Da ari keur lapar mah sagala kaciri bengras titingalian teh. Mana nu hak, mana nu batil. Kurang puasa meureun nya Pa, abi teh? Matak ayeuna masih can boga peurah teh meureun masih kurang peurih.

Sok, sagala nu kaalaman teh sing jadi elmu, sing jadi bekel keur lalampahan di alam dunya. Di dunya teh sabenerna mah sakeudeung ngan lila. Matak anger kudu boga bekel ngarah bisa jauh lalampahan teh. Mun cape bisa dahar, awak nu leuleus bisa jagjag, beuteung nu lapar bisa wareg, sirah nu lieur bisa kaubaran. Ari boga bekel mah rek lalampahan ka mana wae oge moal hariwang. Moal hariwang paeh di tengah jalan, moal hariwang jadi jalma nu wani nyokot hak batur.

Gening Pa, hirup teh beurat. Ayeuna kasorang beuratna hirup teh. Karasa ku tulang beuheung sorangan. Nyeri, Pa. Nyeri! Matak abi mah muji ka Bapa. Sakitu gawe ngan saukur jadi tukang bangunan tapi sumanget weh ngalakonan hirup. Sugan Bapa pernah eleh ku kasusah, eh da kuat weh gening Bapa mah.

Bapa ayeuna geus kolot tapi anger weh gawe keneh. Papanasan, huhujanan, teterekelan kana suhunan. Naplokkeun aduk, masang bata, melester jeung ngaci. Duh, hampura, Pa. Hampura ieu budak. Can bisa jadi cukang lantaran ngarah Bapa eureun gawe. Hampura ieu nu jadi budak teh masih kieu keneh. Can jiga budak batur nu jadi pagawe pamarentah, jadi tentara, jadi polisi, atawa jadi presiden. Sanajan urang sararea apal asupna make duit badag. Tapi anger weh nu ngaranna kolot mah bangga gening najan ku cara kitu ge. Da apal meureun, hirup teh hese, jadi wajar ceuk pikirna mun ngalakukeun dosa saeutik mah keur nyocok. Keun weh da masih bisa keneh ditobatan. Atawa rijki nu haram teh diberesihan ku jakat, inpak jeung sodakoh. Wajar cenah da jelema, moal bisa leupas tina dosa.

Jigana Bapa ge mun lain tukang bangunan mah bakal kitu oge meureun nya ka budak teh. Duit teh bakal dipake keur ngajujurkeun budak—sanajan ku cara nu teu jujur. Ngan mun dipikir deui, asa teu mungkin Bapa mah bakal kitu. Beunghar ge jigana Bapa mah bakal anger weh ngadidik budak teh ku kajujuran jeung utamana kapeurih.

Bapa mah sok solat unggal poe, subuh tara kaliwat ngahudangkeun jelema gogorowokan di masjid bari pupujian. Jumaahan ge—ti sainget abi keur leutik—istikomah di tukangeun imam di jajaran panghareupna. Bapa mah solat nanaon ge sok panghareupna, sok tukangeun imam wae. Piraku meureun wani ngalakukeun kalakuan nu teu jujur keur ngajujurkeun budak? Asa moal, piraku. Teu mungkin.

Unggal beres solat subuh, nepi ka imah Bapa langsung muka kuran, ngaderes nepi sajam lilana. Mun abi kabeneran hudang subuh, sok genah eta ari ngadenge Bapa maca kuran ku lagam Suna. Asa dipepende. Hate teh asa kaubaran. Jadi teu loba pikiran. Kitu meureun nya hate jeung pikiran Bapa mah. Tiis jeung beresih.

Tah kitu ayeuna mah, Pa. Hirup di dunya teh sagala kudu make duit. Ti baheula ge kitu meureun nya, Pa? Ti jaman Nabi Adam naek dinosaurus nepi ka ayeuna ajengan-ajengan marake mobil aralus tur imahna aragreng, anger weh hirup mah kudu make duit. Hayang boga elmu kudu make duit. Hayang boga gawe kudu make duit. Hayang boga pangkat jeung jabatan kudu make duit. Hayang kawin ge kudu make duit ayeuna mah, Pa.

Mun ngadengekeun carita Bapa baheula ngawin Ema, meni asa babari teh. Tuluy sok loba oge kolot-kolot di lembur nyarita, baheula mah kawin teh da puguh babari. Asal resep, asal srek jeung hate, kawin. Teu loba carita, teu loba tatanya. Baheula mah Bapa boga modal doma hiji ngawin Ema teh. Tapi eh dikeresakeun ku Pangeran, hirup weh nepi ka ayeuna. Tanah boga, imah aya, budak nepi ka opat. Da lamun dipikiran mah asa teu mungkin. Tapi da gening aya buktina.

“Da rijki mah geus aya tidituna,” kitu pan mun Bapa mamatahan abi teh?

Ngan ayeuna mah hese, Pa. Hese rek kawin teh. Teu cukup ku cinta, teu cukup ku jangji satia. Ayeuna mah aya standar tiktok, aya standar instagram, aya standar jelema nu ku urang teu wawuh tapi kecapna dijadikeun hujah dina diri. Cenah mun awewe, kudu neangan lalaki teh nu geus gawe, mun bisa mah pagawe pamarentah, nu gajihna leuwih ti sapuluh juta sabulan. Percuma cenah Pa, hirup mah moal ngagugulung cinta. Budak ceurik kalaparan mah moal repeh ku diusapan atawa dicium. Anger kudu dibere dahar. Tuluy cenah, mun neangan lalaki teh kudu nu paham kumaha carana meratukan awewena. Kudu pinter, ulah kasep hungkul. Bae kasep ge asal beunghar. Nya mun belet minimal loba duit. Ari ku duit mah sagala ge beres. Salse.

Ayeuna mah Pa calon mitoha teh ka lalaki nu datang ka imahna lain nanya bisa ngaji atawa heunteu, lain ditanya sok solat atawa tara, tapi nanyana teh kitu. Gawe di mana heula nu ditanyakeun teh. Da kapikir hoream meureun boga minantu ripuh teu boga duit. Komo nu balangsak mah, bakal ditajong di dinya keneh. Sukur-sukur teu bari diciduhan ge. Ngan nyusahkeun kolot.

Abi ge da jelema, Pa. Rumasa sarua butuh duit. Da jaman geus kieu, abi ge teu nyapirakeun. Ngarti yen duit teh penting. Ngan nu ku abi teu ngarti, naha jelema ayeuna ngajadikeun duit keur nganilai hiji jelema sukses atawa heunteu. Iman ka Gusti Alloh mah keheula anan, duit heula. Nilai jelema diukur ku duit, kualitas jelema diukur ku duit, kanyaah jelema diukur ku duit, nepi ka kasolehan jelema ge diukurna ku duit. Tah eta nu nepi ka ayeuna ku abi teu ngarti teh, Pa.

Matak, Pa, ayeuna mah jigana pikiran jelema teh geus diatur ku mesin nu dijieun ku bangsa Yahudi. Meni lila mikir rek kawin teh, sagala dipikiran—padahal mah da moal sakabeh hal beres ku dipikiran. Mikir rek kawin meni lila, tapi mun diajak ku kabogohna ka hotel atawa ngenong di panginapan cenah eta teh bentuk tina kabebasan berkespresi. Bebas weh, nu penting teu ngarugikeun batur, cenah. Nu penting mah make duit sorangan, dosana ditangung ku sorangan.

Lieur, Pa. Lieur!!!

Hampura, Pa. Hampura abi ka Bapa. Ieu nu jadi budak teh can bisa jiga batur nu geus karawin, baroga pamajikan, baroga budak. Komo weh abi teh hayang kawin mah, Pa, da jelema. Tapi ari geus, kaayaanna kieu? Pokona mah ayeuna mah Bapa jeung Ema duakeun abi. Du’akeun sing jadi budak nu soleh. Meureun mun paeh ge ari dina kaayaan soleh mah Bapa jeung Ema teh bakal atoh. Teu nanaon teu boga duit ge, teu nanaon teu boga imah teu boga mobil teu boga pakaya nu nyaeur, nu penting soleh.

Wios, Pa, sing rido. Sing rido kana pilihan hirup abi. Abi moal kaduhung moal ngarasula. Sabalikna Bapa kudu atoh boga budak jiga abi. Nu milih kalaparan daripada nyokot hak batur. Nu milih teu jadi nanaon daripada kudu nyocok. Teu nanaon, nya, Pa? Sing rido, sing iklas. Keun abi mah percaya, ke oge bakal aya jalanna. Ti mana weh, da Alloh mah teu hese dangdos. Kitu pan saur Bapa ge?

Ku wanci ayeuna mah, hampuraeun ieu budak Bapa.

Nuhun!


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Aku Juga

Kereta Jurusan Surga

Si Pohon Kelapa